Kuring diuk gigireun manehna, lilin luhureun meja nu hiji-hijina nyaangan lebah dinya, disakuriling isakuriling bungking cafe lir nudisirep ibun parabun teu kadenge ngaromong, teuing sugan pedah meneran malem jumaah, jelelma teu kalaluar teu ciga malam mingguan kuatka sok pinuh ku nu ngadon dahar jeung bobogohan. Geter jajantung nu dagdigdug jeroeun dada lain geter nubaheula kaluar tina kadeudeuh, lain geter nu salawasna nyumangetan kahirupan,teu mawa kalugina,teu teusing,,,anjeun ayeuna nu aya dihareupeun paneteup geus lain-laina deui. Geter nu teu bisa nyurahan geter kawas basa urang silih teuteup 11 bulan katukang, ngarasakeun ketug jajantung sabada urang ngangon kasono didieu, basa ngarayakeun 4taun ngarajut asih, mereun lamun ayeuna masih babarengan mah geus lima taun boa tali asih teh.
Didinya urang pada-pada ngangon lalakon sewang-sewangan, lalakon anu sarua lalakon anu kungsi kaalaman,nineung kana sagala rupa nukungsi dipilampah ngaguar deui panineungan dina batin nu masih keneh sarua boga geter katresna,mapayan sagalana, timimiti ngangon kasono,ngumbar cimata tug nepika suka-suka tingcakakak nyengseuriokeun lampah manehna anu pernah ngesod ditaman parter upi basa ngabuktikeun kanyaah ka kuring.
Urang duaan kungsi kalembang huhujanan,balikna mawa susu murni kabeuki anjeun,kabulusan ngaderegdeg,majar mah keur ngusir katiris anu masih keneh nangkod sapanjang jalan Purwakarta-Lembang tepi ka cidadap, enya geter kaasih teh harita mah parna pisan,keur memejeuhna ngagulidag caah taya saurang oge nu bakal nu apal kawas kumaha. Mun bisa waktu muter ka 2bulan katukang moal teuing kuring rek mutuskeun, hanjakal ngagedekeun nafsu jeung kaambek anu harita masih nukeneh samar can tentu bener salahna,harita kuring gede tiburu pisan nu matak kuring luluasan mutuskeun manehna, tapi mereun ieu nudisebut lain jodona,, lalakon urang nu geus kaalaman rek lima taun ieu kudu pegat nepi kaharita, kuring geus boga papacangan anu teu lila deui bakal paheut na ikatan suci, kitu deui manehna mereun geus nimu deui awewe sejen pangganti kuring.
Jug geura miang junjunan,tali asih nu geus pegat moal bisa ditepungkeun deui, lalakon urang 2an jadi carita tundaeun isuk, mugia anjeun bagja jeung kahirupan anyar

Tidak ada komentar:
Posting Komentar